SDN 1 Cijeungjing, 27 Agustus 2026. Pasanggiri Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kabupatén Ciamis taun 2026 jadi panggung pikeun murid-murid sakola dasar anu mangrupa wawakil ti 27 kacamatan pikeun mintonkeun kamampuh jeung préstasina dina widang basa jeung sastra Sunda. Ieu kagiatan lain saukur pasanggiri, tapi ogé mangrupa bagian tina tarékah babarengan pikeun ngajaga kalumangsungan basa Sunda sangkan tetep dipaké, dipikaresep, jeung diwariskeun ka generasi nu bakal datang.
Dina ieu pasanggiri, para wawakil kacamatan ngadu kaparigelan dina rupa-rupa cabang kasundaan, di antarana ngadongéng, biantara, maca sajak, nembang pupuh, maca jeung nulis aksara Sunda, ngarang carita pondok, sarta ngabodor sorangan, luyu jeung katangtuan ti panitia. Unggal pintonan jadi gambaran tina kamampuh, kréativitas, jeung kasungguhan murid dina neuleuman basa katut sastra Sunda.
Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep bakal tumuwuh generasi ngora anu reueus kana basa indungna, wanoh kana kabeungharan budaya Sunda, sarta mampuh ngamumulé warisan karuhun di tengah kamajuan jaman. Salian ti éta, FTBI tingkat kabupatén ogé jadi ajang silih wanoh, silih ajénan, jeung ngaraketkeun duduluran antarpamilon ti sakuliah Kabupatén Ciamis, pikeun ngawujudkeun basa Sunda anu tetep hirup tur mekar dina kahirupan sapopoé.
Kolom Komentar (3)
tetap semangat guru guru sukadana
FTBI ajang yang sangat menarik untuk dapat melestarikan budaya dan bahasa ibu kepada peserta didik. semangat sukses selalu
FTBI ajang yang sangat bagus untuk dapat melestarikan budaya dan bahasa ibu kepada peserta didik