SDN 2 Ciparigi, 24 Agustus 2026. Pasanggiri Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kacamatan Sukadana dilaksanakeun dina dinten Senén, 24 Agustus 2026, di SDN 2 Ciparigi. Ieu kagiatan mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé, ngariksa, jeung mekarkeun basa Sunda minangka basa indung, sangkan tetep hirup tur dipikaresep ku generasi ngora. Ieu pasanggiri diiluan ku wawakil ti 17 sakola dasar (SD) anu némbongkeun kamampuh jeung kréativitasna dina widang basa jeung sastra Sunda.
Dina ieu pasanggiri, murid-murid sakola dasar meunang kasempetan pikeun némbongkeun bakat, kaparigelan, jeung kréativitasna dina rupa-rupa widang kasundaan, saperti ngadongéng, biantara, maca sajak, nembang pupuh, maca jeung nulis aksara Sunda, ngarang carita pondok, jeung ngabodor sorangan luyu jeung katangtuan panitia.
Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep murid-murid beuki mikaresep basa jeung budaya Sunda, nambahan rasa percaya diri, sarta ngajénan ajén-inajén budaya karuhun. Salian ti éta, FTBI ogé jadi wahana pikeun ngaraketkeun duduluran antarsakola jeung numuwuhkeun rasa reueus kana basa Sunda minangka bagian tina jati diri budaya daérah.
Kolom Komentar (2)
semangat dan terus berkarya
dipiharep murid-murid beuki mikaresep basa jeung budaya Sunda, nambahan rasa percaya diri, sarta ngajénan ajén-inajén budaya karuhun.